Minggu, 27 Januari 2008

Tuturus Turus

A. Gunawan

Saban Mitra Sunda sok aya hiji gempungan antara pangurus Hima jeung Mahasiswa anyar Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah. Harita téh kuring jeung Béti – anu jadi pimréd ‘Turus’ taun kamari – medar hal ihwal ‘Turus’. Piduapoéeun deui kana éta gempungan téh atuh kuring jeung néng Beti tisuksruk tidungdung néangan bahan, pangna mah ngeunaan sajarahna ‘Turus’. Sok aya karémpan bisi dina acara gempungan téh aya nu ngacung, tuluy nanyakeun, apan mun teu bisa ngajawab mah wirang pisan. Nya piduapoéeun saméméh gempungan téh ngotéktak ka unggal juru himpunan, ti mimiti perpustakaan nepi ka kolong lamari, sugan kapanggih katerangan perkara ‘Turus’. Tapi alhamdulillah, teu kapanggih; ngan alhamdulillah deui waé, dina mangsana gempungan jeung manyar, euweuh nu nanyakeun.

Kakara ti harita ngider nananyakeun hal ihwal perkara ‘Turus’ ka sing saha waé nu kira-kira apal ti mana purwadaksina. Amprok jeung téh Rétty, diwawancara méakeun kapanasaran. Ari ceuk téh Rétty deuih, taroskeun atuh ka Pa Dingding, da harita cenah anjeunna nu langkung paos perkara Turus’ mah. Ti dinya laju nepangan Pa Dingding. Teu di-dingdingkelir deui, langsung ditodong wé kana pamaksudan. Pa Dingding ogé katémbong sumanget basa ngadadarkeun perkara ‘Turus’ téh. kieu caritana mah;

Jaman baheula, basa harga minyak tanah masih kénéh tujuhpuluh lima pérak saléter, Pa Dédi Koswara jeneng jadi ketua Hima periode 1980-1981. Mangsa harita aya hiji buletin mahasiswa nu ngaranna ‘Turus’, dikokolakeunana ku Budi Rahayu Tamsyah, spk. Meunang sataun midang, bet tuluy kalah ilang raratanana, teu kapanggih bangké-bangkéna acan. Bijil deui taun 1984, dikokolakeun ku Kang Heriyana. Harita ‘Turus’ medalna tilu bulan sakali, jadi dina sataun téh ‘Turus’ medal aya kana opat kalina. Nu jadi udagan harita téh teu idéalis teuing saurna mah, hayang ngahudang kawani mahasiswa némbongkeun tulisanana nu satuluyna meunang réspon ti nu maca. Nu matak publikasi ‘Turus’ harita mah diwatesanan ka sajurusaneun wungkul, katurug-turug keur lingkungan fakultas mah geus aya ‘Prakarsa’ nu dikaluarkeun ku Sénat FPBS. Nu jadi pasualan mangsa harita téh nya éta kurangna naskah nu asup ka rédaktur anu nepi ka ayeuna ogé atung énéh atung énéh waé.

Naha bet dingaranan ‘Turus’, henteu Combro atawa Géhu, cenah mah aya falsafahna. Ari ‘Turus’ téh kecap nu ngandung harti akar anu ngareuy, ngarambat. Dina ieu hal ‘Turus’ téh hayang ngarambatkeun karep mahasiswa kana nulis dina basa Sunda tur méré jalan pikeun ngabaladah mahasiswa nu ngamimitian nulis dina basa Sunda. Nu matak ‘Turus’ mah ukur jadi tuturus wungkul; tuturus-na Hadi AKS, Budi Rahayu Tamsyah, Darpan Ariawinangun, Retty Isnéndés, Rudi Riadi, nepi ka generasi kabéhdieunakeun kayaning Ananta G, Tarlan, Deni Hadiansyah, Wasta Ai, jeung si bungsu Devi Yuliana. Ngaran-ngaran anu kacatet di luhur kungsi nulis dina buletin ‘Turus’.

Sabada Jaman Kang Hériyana, ngahyang deui tah ‘Turus’ téh. Tapi kersaning pangéran, hirup deui basa jaman Kang Hadi ngokolakeun ‘Turus’, satuluyna leuwih mekar nalika jaman Kang Asép Dachlan jeneng ketua HMJ (ayeuna mah Hima) taun 1992-1993. Harita mah nu ngokolakeun ‘Turus’na téh nya éta Kang Darpan Ariawinangun. Malah Harita mah ‘Turus’ téh nepi ka Ujung Pandang, sosialisasina leuwih jembar kusabab mangsa harita ‘Turus’ dipublikasikeun dina Acara Imbasadi (Ikatan Mahasiswa Basa dan Sastra Daerah Indonesia), nepi ka dina kongrés basa Sunda VII di Garut, aya makalah tulisan Tédi A.N Muhtadin nu dijejeran ‘Sosialisasi Sastra Sunda’ anu dijerona nyabit-nyabit majalah ‘Turus’.

Oplah ‘Turus’ mangsa harita antara 200 nepi ka 400 éksemplar, jumlah anu kaitung réa upama ningali sasarana ngan mahasiswa wungkul mah. Ngan nya éta, sistem sirkulasi jeung sistem dagangna téh mani nyunda pisan; jual dedet. Teu sugan éra jeung géngsi saur Pa Dingding mah, da namina ogé mahasiswa. Mun cék Pa Elin mah, mahasiswa mah rék kitu rék kieu ogé pantes, da mahasiswa. Badé démo pantes, da mahasiswa, badé mahiwal pantes, da mahasiswa, badé emam unggal dinten jeung bala-bala pantes, da mahasiswa, nepi ka badé ngeritik Jurusan ogé pantes, da mahasiswa.

Nu asalna sataun ngan opat kali medal téh, beuki dieu mah beuki teu puguh. Taun 1993 – basa dicepeng ku téh Imas Rohilah – ‘Turus’ téh malihwarni jadi mading (majalah dinding) – tapi kumargi bilih paliron sareng “…..”, saterusna istilah mading digentos ku mabok (majalah témbok) – Tah, tuluy basa dikokolakeun ku kang Rudi Riadi (1994), Kang Agus Mulyana (1995), Kang Ucu Wahyu (1996), Kang Farhan Nasrullah (2000) nepi ka Kang Asép Rully (2002), ‘Turus’ téh masih kénéh jadi mabok mingguan.

‘Turus’ medal deui mangrupa buletin téh basa dikokolakeun ku Maya Suci, kabeneran nu nulis anu ngéditna téh. Nu jadi pasualan Turus salila ieu nya éta unggal ganti kapangurusan kawijakan medalkeun ‘Turus’ sok ngilu ganti. Basa ‘Turus’ dikokolakeun ku Maya Suci (2003-2004), kacatet ngan dua kali ‘Turus’ medal dina waktu sataun. Dina mangsa Adé Suarsa ngokolakeun ‘Turus’ (2004-2005), medalna ‘Turus’ undak deui nepi ka dina sataun bisa genep kali medal. Nya basa dipénta tanggung jawabna dina SU mah tetep, nu jadi bangbaluhna téh kurangna bahan ti mahasiswa; yuuuu....tetep!

Ayeuna mah ‘Turus’ téh dipupuhuan ku Sutisna, mahasiswa entragan 2004. Dugi ka kiwari ‘Turus’ tos medal opat kali (jeung ayeuna) dina sapériodeu. Najan mindeng ngalaman parobahan ti taun-ka taun, tapi nepi ka ayeuna éksisténsi ‘Turus’ téh tuluy aya, sabab dina sakitu mahasiswa aya kénéh sakitu mahasiswa nu haat nancebkeun tuturus, lain keur ayeuna, tapi isuk jaga….

Tuturus, Mei 2006

Tawis katineung kanggo dulur sa-imah, sa-hima.

Baruang ka Jalma Leutik

CARPON WASTA AI

Ayeuna urang keur ténar. Siga biduan keur naék daun euy! Rék teu kitu kumaha, unggal poé ngaran urang ngajeblag dina média massa. Digembor-gembor dina média éléktronik. Jadi jejer utama. Nu rétingna ngajaul ka langit. Dipadungdengkeun disaban tempat dipalikiran ku jalma tajir jeung pakir. Teu bosen-bosen ngomongkeun urang. Duka belegug atawa api-api belegug, yén ngomongkeun batur téh sarua jeung ngadahar bangké babaturan sorangan. Ah urang teu paduli nu baroga otak gé teu malikiran. Naha bet kudu riweuh ? Da geuning ayeuna mah nu kitu téh difasilitasi. Keun wé ah sugan nepi ka dowér!

“Bén, ngomong atuh euy! Meungpeung dibéré kasempetan. Iraha deui urang bisa ngomong? Apanan sasari mah urang ngan saukur jadi tunggul. Saksi bisu runtuyan kahirupan jalma nu barutuh ka urang, boh nu arédan boh nu saroléh. Teuing ti marana asalna mah? Ramé euy, ngabandungan kahirupan di Alam dunya. Siga pilem India.”

“Bén jawab atuh! Manéh mah bisa ngahirupan batur, tapi teu bisa ngahirupan diri sorangan. Naha manéh ngeunah saban poé digosipkeun? Naha manéh ngeunah hirup jadi bonéka jalma nu baroga korsi? Naha manéh teu karunya ka jalma leutik nu jadi korban pulitik? Hudang euy! Hudang ! Ieu dunya geus lieur, atawa manéh gé sarua keur lieur?”

“Naha nya euy, mobil téh teu béak waé? Ti isuk-isuk ngantri euweuh eureunna. Itu euy, mobil Toyota Land Cruiser, aya TV-an geura. Tingali euy, di kantor Pertamina jalan Rajawali. Jalma ngagimbung, meni séah patinggorowok. Pulisi pahibut silih dorong jeung massa. Wartawan ngilu riweuh. Sapanduk mapaésan pating kélébét CabutTurunkan.... Euleuh naon itu nu diduruk… euh! dioperkeun. Déngékeun geura Bén berita saterusna. DPR geus nyatujuan BBM ditaékkeun, kalawan alokasi waragad subsidi BBM 89,2 triliun. Ieu kaputusan téh dicokot ngaliwatan voting dina rapat paripurna DPR. Naékna diprédiksi antara 40% nepi ka 60%. Kecil lah Bén, komo keur nu boga mobil kieu mah, atawa nu boga mobil Camry, BMW, Vios, Suzuki Escudo, Toyota Altis, Sedan, Hyundai Santa Fe, Suzuki Katana, mobil naon deui Bén?”

“Rék teu satuju kumaha atuh Bén. Da moal ngaruh naék turunna BBM téh. Moal ngurangan eusi saku. Apanan pasokanna gé ti ditu-ti dieu. Teu cara jalma leutik. Tong boboraah ratus-ratus rébu, naék BBM saratus pérak gé matak jantungan, tensi ngagancangan. Komo ieu lain naek deui BBM teh pindah harga. Moal teu sakalor jalma leutik teh. Dokter pan nu riweuh kudu ngurus pasén nu teu mampuh. Embungeun dokter ogé mindeng teuing ngurus pasén nu teu mampuh mah. Kapan dokter gé manusa, butuh duit keur nyukupan pangabutuh anak pamajikan.”

“Euleuh Bén, naha itu mobil Mércédés bet nyuruwuk miheulaan ?”

Pak, bensin full tank, cepetan yah ada meeting nih!

Silakan ikutan ngantri pak?” Patugas Pom silih sigeung.

Tidak tahu saya?!” Kacamatana dibuka bari ngasongkeun duit dua ratus rébu.

Oh, maaf Pak!” Patugas Pom ngadadak rengkuh. Selang bénsin langsung dipindahkeun kana mobil Mércédés.

“Ngantri atuh euy...!” Ditukang nyararekan. Tidd...tidd...tidd...! Kelakson raéng ngarambek. Jrut! Supir treuk nu ngantri ka hiji turun bari melak cangkeng. Paromanna sangar, dedeganna sambada. Tato marakbak.

“Turun...!” Ambekanna ngahégak.

“Asa aing loba duit siah.. !” Hoakna bari tutunjuk.

Brak! Panto mobilna digebrak.

“ Pa, tong sombong lah salila sok ka WC jeung ngadahar sangu mah. Teu neuleu aing geus ngantri ti tatadi keneh, dasar gedé hulu!” Supir angkot ngutruk.

“Maaf ya saya tak punya banyak waktu, ribuan orang sudah menanti saya. Gak lével saya bicara sama écék-écék!

“Naon siah, sakali deui !” Tukang ojég poporongos.

Nu dijero mobil sepa, teu puguh cicing kawantu rék dirempug. Satpam rabul, nu daragang jeung pagawé SPBU ngilu nahan, nu keur ngaramuk sateker kebek mere jalan. Kaayaan jadi geruh.

“Uruskeun tah!” pokna bari méré gepokan duit.

Bius mobil mewah téh lapas tangan ngagandéang.

“Geuning, jalma pinter mah bisaan nya Bén? Heueuh biasaan minteranna.” Ku ngalungkeun duit, beres perkara teh. Saha jalmana atuh nu teu beuki kana duit.

“Bén, beus jurusan Bandung-Garut euy!” Nu daragang asong jlung-jleng naraék. Tukang pulpén, buku, lem, roko. Raéng nawarkeun daganganna. Katambah nu ngamén brang-breng-brong teu puguh dédéngéan. Beus téh jadi kebek, pasesedek hese usik, katambah bau kesang matak nojosan kana irung.

“Jang, korek api!”

“Mangga Bah, sareng rokona?”

Si Abah gideug.

“Artosna kirang, Bah!”

“Aéh apanan mangkukna mah sakitu, lin?”

“Muhun, Bah. Pan BBM naek jadi sagala naek!

“Baruk kitu, Jang. Ngan kolor meureun nya nu turun téh!”

“Néng… Néng…, ongkosna!” Kondéktur ngaguguyah nu keur saré tibra.

Si Enéng nguliat bari heuay, rét ka Kondektur.

“Oh, ké Mang.” Kudak-kodok heula kana pesak jeung kantong, lulungu meureun. Tuluy ngaluarkeun dompet merk Guess. Song duit genep rébu.

“Kirang Néng, opat rebu deui!” bari namprak

“Apanan sasarina ge sakitu!”

“Neng, naha teu apal BBM naék?”

“Apal mang, pan encan naékna ongkos mah. Ngantosan pangumuman ti pamaréntah. Punten Mang, hoyong dilaporkeun ka saha? Mang dina APBN-na gé...”

Si Emang ngélémés, bari ngaléos.

“Rék jadi oknum leuleutikan, teu apal aing téh aktifis.” Si Enéng kutukgendeng.

“Hebat nya Ben, keur geulis teh!”

“Bén, itu Ma Onéng meni kokotéténgan. Leungeun nu katuhu nungtun budak nu jebléh, nyenyepeng beuteung. Lapar meureun nya? Leungeun nu kenca ngajingjing kompan.”

“Ma, rék ka mana?” Tanya Ceu Yati bari naggeuy dagangan kaulinan barudak.

“Néangan minyak Ceu, meni geus lieur ka ditu-ka dieu euweuh. Naha nya Ceu BBM téh bet naék wae ?

“Apanan subsidina dipindahkeun kana biaya pendidikan jeung biaya keur jalma miskin, cenah.”

“Baruk kitu, tapi naha atuh nya, budak Ema nu di SMP seméster kamari bet dikaluarkeun, alatan can mayar SPP. Geus nunggak dalapan bulan.”

“Duka atuh, Ma. Taroskeun wé ka nu di laluhur. Da abdi gé sami can nampi kartu kompensasi BBM, padahal geus didata. Ku badan naon geuningan. Statistik kitu ngaranna téh?”

“Hayu atuh Ceu, tuh angkotna rék maju. Ema rék néangan deui minyak.”

“Bén, kadéngé teu? Atawa ceuli manéh dicocogan. Cing tong tanggah waé ka luhur! Tinggali euy nu tingkarocéak dihandap. Naha manéh teu simpati atawa haté manéh dijieun tina batu?”

“Bén ojég Mang Kasman euy, keur ngabonceng Pa Ustad.”

“Pa Ustad badé lirén di mana?”

“Di Masjid Baéturrahman, Jang,”

“Jang, naha kamari teu ngojeg?”

“Henteu Pa Ustad, sesah milarian bénsin. Pan BBM naék.”

“Alhamdulilah!”

“Naha Pa Ustad, bet alhamdulilah? Apanan nu sanés mah darémo.”

“Jang, ceurik gé moal nurukeun harga BBM. Mending sabar bari syukuran ka Alloh, kana sagala rupa nu dipaparin ku Mantenna. Ka asup naekna BBM. Apanan ayeuna téh bulan puasa beh jadi pahala sagala rupa teh.”

“Mang Kasman unggut-unggutan.”

“Bén, mobil Toyota Land Lover euy! Dunungan urang, rék naon nya euy? Stelanna meni gaya, dasi ngagebay abong birokrat nya euy. Alah Bén, nyampeurkeun urang! Aya naon nya euy bet haharéwosan jeung pagawé SPBU?”

“Alah! Bén, cilaka euy! Urang jeung babaturan rék di ka Bunkerkeun (rohangan jero taneuh). Karunya euy, nu ngantri ngantay kénéh!

“Pak, bensinnya dua liter?”

“Habis!!!!” Tembal pagawé SPBU kompak.

“Waduk siah! Dasar garong!”

“Minyak, solar, premium, salabar euy! Urang mah ngan saukur banda, sanajan paeh poso merjuangkeun ge moal diwarao. Sok mening ayeuna mah sing alakur dihandap. “Sareundeuk saigel sabobot sapihanean.”

“Bénsin, geuning manéh bisa ngomong???”***

TAMAN UPI, 2005